naon sih hartina hanaang?
B. Daerah
fajrinarr
Pertanyaan
naon sih hartina hanaang?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda
Kelas : - (SMA)
Pembahasan :
Hanaang sarua hartina jeung halabhab. Saperti dina basa Indonesia, dina basa Sunda hanaang sok disebut oge haus. Jadi, hanaang sarua hartina jeung halabhab atawa haus. Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta ragam basa hormat atawa lemes jeung ragam basa loma atawa kasar.
Kecap hanaang, halabhab jeung haus bisa dilarapkeun boh dina ragam basa lemes boh dina ragam basa kasar. Conto kalimahna, "Mangga atuh ngaleueut bilih hanaang/halabhab/haus mah" (kalimah hormat atawa lemes) atawa "Sok atuh nginum bisi hanaang/halabhab/haus mah" (kalimah loma atawa kasar).