Naon hartina editing tina basa sunda
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Hartina editing nyaeta mariksa, ngoreksi, mereskeun jeung ngarapihkeun basa atawa tulisan sangkan eusina bener jeung rapih samemeh dicetak, disebar atawa dikirimkeun. Kagiatan editing ngarapihkeun basa jeung tulisan dina basa Sunda aya patalina jeung ragam basa nu aya dina basa Sunda.
Pembahasan
Dina Tatakrama Basa Sunda, atawa nu baheula mah sok disebut Undak usuk Basa Sunda, aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka batur.
Jadi, hartina editing nyaeta aya patalina jeung ngalarapkeun ragam basa sacara merenah. Ayana ragam basa dina basa Sunda lain pikeun ngabeda beda jalma, tapi pikeun ngahormat ka kolot atawa nu saluhureun jeung ngajenan ka anu sahandapeun atawa anu sapantar.
Pelajari lebih lanjut
- Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
- Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
- Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
__________
Detil Jawaban
Kelas : XII
Mapel : Bahasa Sunda - Tarjamahan
Bab : 4
Kode : 12.13.4
Kata Kunci : Hartina editing